Teks Pidato Sunda Singkat Tema: Ngajaga Awak Dina Zaman

fokus edukasi
Pendidikan

Sateuacana abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadayana anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upami tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun.

Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis “Ngajaga Awal Dina Zaman Sina Kahindar Pergaulan Bebas”.

Palawargi sadayana nu hadir

Sapertos anu ku urang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah.

Rehna seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah di lebetan ku hal anu ngandung kaawonan.

Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedah di lebetan ku ekstrakurikuler ieu mah dianggo ameng, momotoran, sareng bobogohan.

Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohan ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna.

Kumaha upamina hubunganana pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.

Allah SWT parantos ngadauh dina Surat Al Isra ayat 32

وَلَا تَقْرَبُوا الزِّنٰىٓ اِنَّهٗ كَانَ فَاحِشَةًۗ وَسَاۤءَ سَبِيْلًا

Hartina: Ulah ngahahaja ngadeukeutan zina Saenya-enyana (zina) teh kalakuan anu keji jeung jalan anu pang gorengna.

Dina ayat diluhur urang sadayana tiasa merhatikeun Saenya-enyana zina eta teu endah.

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana:

  • Kurangna perhatosan ti kolot
  • Kolot anu cerai (pisah/pegat)
  • Kurangna Iman dina awak urang
  • Wewengkon dumuk
  • Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas.

Caranya nyaeta ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.

BACA JUGA :  Latihan Soal PAS/UAS/PAT Bahasa Sunda Kelas 3 SD Semester 2 + Kunci Jawaban Lengkap

Hadirin sadayana.

Rupina, cekap sakitu anu tiasa ku simkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring.

Abdi ngadugikeun ieu teh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna di tatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Hapunten sateuacana bilih aya pribahasa anu teu merenah ka sadayana.

Wassalamualaikum wr.wb

Kesimpulan

Dalam pidato ini, kami telah menguraikan pentingnya menjaga diri dari pengaruh negatif zaman dalam menghadapi pergaulan bebas. Mari kita bersama-sama menjaga akhlak dan keimanan kita, serta menghindari segala bentuk perilaku yang tidak sesuai dengan ajaran agama.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *